Opini

Hampura

Aditia Gunawan
Pustakawan asal Cianjur

Upama urang maluruh kamus Basa Sunda, kacida réana kecap atawa babasan jeung paribasa nu nuduhkeun yén urang Sunda mibanda éksprési nu kacida beungharna patali jeung ménta atawa méré hampura. Kecap ‘hampura’ téh geus dipaké ku urang Sunda baheula, kalan-kalan dina wangun ‘hampura’, atawa ‘ampura’. ‘Sampura-sun’ pihartieunana téh kapan ‘hampura kuring’, hal nu teu robah nalika urang keketrok imah panto tatangga atawa ngaliwatan tongkrongan préman: “punten”. Ménta hampura kénéh baé. ‘Punten’ téh wangun singget tina ‘hampura’, nu dilemeskeun jadi ‘hampunten’, robah deui jadi ‘hapunten’, nepi ka jadi ‘punten’.

Sasaruaan kecap ‘hampura’, dina basa Sunda Kuna nya éta kecap ‘sadu’. Biasana nu ngarang ménta ampunan kitu téh dina awal karyana, upamana dina Sang Hyang Swawar Cinta, cenah “Kami dék sadu nyarita”, atawa dina Sang Hyang Ajnyana “Sadu umun jati bakti nyembah ka hareupeun” (Ampun, kaula abdi bakti sembah ka payuneun). Nu prah kénéh dipaké dina basa Sunda kiwari nyaéta kecap ‘sasadu’. Sajaba ti éta, aya kénéh nu ngagunakeun kecap tabé. Ieu kecap téh asalna tina basa Sansekerta “kṣāntawya” nu hartina “sangkan dihampura”, robah dina Jawa Kuna jadi ‘santawya’, dina basa Sunda Kuna jadi ’sangtabé’. Jompong Larang, basa nepungan Bujangga Manik maksudna rék ngalamar, uluk sembah “Sangtabé namasiwaya!” nu pihartieunana “Neda Tawakup Ka Kersana Siwa!”.

Sajaba ti kekecapan di luhur, kiwari réa dipaké kecap serepan nu jolna ti Arab, upamana kecap tobat jeung tawakup. Aya ogé nu diserep tina basa Kawi (Jawa Kuna), nyaéta kecap aksama, haksama, nu sok dilemeskeun aksami, haksami. Malah kecap nu holna ti Walanda, ‘pardon’, kungsi dipaké ku urang Sunda, sakumaha nu dicatet ku Danadibrata. Mindeng mireng kecap ‘aksama’ téh dina paguneman tokoh wayang, dalang mindeng nyebutkeun “Neda agung nya paralun, neda jembar pangaksama”. Aya deui variasinya “Neda agung cukup lumur”. Ari lumur téh cenah wanda gelas paragi ngawadahan cai. Tina éta babasan téh nu nyarita ménta sangkan nu diajakna nyarita mibanda haté badis lumur, nu gedé wadah hampurana.

Sikep urang nalika ménta hampura téh bisa ku cara dilisankeun jeung rengkuhna upama paamprok, atawa kiwari mah bisa ku whatsapp baé. Ilaharna nu ménta dihampura téh lumah-laméh, ngarendahkeun diri supaya dihampura kasalahan nu geus kaliwat. Nu istiméwa mah rengkuhna ménta hampura ka nu jadi kolot, utamana indung, da sok diprakkeun bari ngumbah dampalna, ngucuran sampéanana, perenahna sawarga di alam dunya, jadi tanda ménta dihampura.

Paribasa nu ilahar dikedalkeun upama ménta dihampura téh nyaéta “bobor sapanon carang sapakan”. Bobor sapanon hartina pegat sapanon dina hiji heurap, ari carang sapakan hartina kurang salambar pakan dina tinunan. Jalma mah taya nu sampurna, aya waé boborna, katémbong waé carangna.

Ari nu dipéntaan hampura, sawadina boga sikep cukup lumur téa, landung kandungan laér aisan, lautan hampura, da Gusti Allah ogé kapan gedé panghampura. Papada jalma cenah kudu pada-pada rubak sisi samping, pada-pada gedé ma’lum, pada gedé hampura.

Sajaba ti babasan jeung paribasa téh, aya deui sisindiran, mindeng kapireng téh dina tungtung lagu jaipongan nu dihaleuangkeun ku Sindén:

Saninten buah saninten
Saninten dikalapaan
Hapunten abdi hapunten
Samudaya kalepatan

Tina kabeungharan basa Sunda patali jeung silih hampura téh boa nuduhkeun yén silih hampura téh murah pisan keur urang Sunda mah. Ari digugu teuing pasipatan kitu téh goréngna mah meureun jadi permisif téa. Burung palung dulur sorangan, buruk-buruk papan jati. Lamun aya dulur nu korupsi nya dimaphum baé.

Tina ieu tulisan téh nu nulis baris ménta hampura dua kali. Kahijina neda tawakupna upama ieu tulisan réa pisan luputna. Nu kaduana, nu pangpentingna, nya dina raraga boboran, lain baé pédah usum jeung galibna, wuwuh tina kasadaran kalbu, nyuhunkeun dihapunten lahir tumekaning batin. Sanés pribadi sakuringeun wungkul, ngawakilan kulawarga sim kuring, ka sakumna nu kungsi kaseuit atina kajaheutan manahna. Neda agung cukup lumur, neda jembar pangampura. Ampun ampun ampun. Seja ngahaturkeun wilujeng boboran siam.

Sumber : NU Jabar Online

Ikutilah Pengajian di Masjid PWNU Jabar, Jalan Terusan Galunggung No. 9 Bandung
Pengajian Tasawuf Syarah Kitab Al-Hikam
Bersama Dr. KH. M. Luqman Hakim, MA (Jakarta Sufi Center) setiap bulan, Minggu kedua mulai pukul 10.00 WIB (Live Facebook)
Pengajian Syarah Kitab Sirrul Asror
Bersama KH. Ahmad Dasuki setiap Rabu mulai pukul 12.15 (Live Facebook)
Pengajian Syarah Kitab al Waroqot
Bersama Ajengan Dr. Ramdan Danz Fawzi, SH.I, M.Ag setiap Kamis mulai pukul 12.15 (Live Facebook)

 

Dapatkan Buletin Jum’at Risalah NU terbaru yang terbit tiap Rabu, download edisi digital (PDF) di www.nahdlatululama.id/buletin Bagi yang ingin memesan dan berlangganan edisi cetak yang siap edar, silahkan menghubungi sdr. Aan di 085648333577 (Telp/WA) untuk keterangan lebih lanjut.

Related Articles

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Check Also

Close
Close