The news is by your side.

Khutbah ‘Idul Fitri: Tilu Ancaman anu Matak Ngahalangan Bisana Asup ka Syurga

أَلله‘ أَكْبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ لَااِلَهَ اِلاالله ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ وَلِلهِ الْحَمْد.أَلحَمْد‘ للهِ اْلمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أطَاعَهُ وَاتَّبَعَ ِرضَاهْ- اَلمُنْتَقِمِ مِمَّ خَالَفَهُ وَعَصَاهْ- ألَذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ

 وَمَا أَخْفَاهْ- اَلْمُتَكَفِّلِ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلا يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهْ- أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَا أَعْطَاهْ- وَأشْهَدُ أنْ لااِلهَ اِلّااللهُ وَحْدَهُ لاشَرِيكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ الّااللهَ- وَأشهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الّذِى اِخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهْ- أللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأصْحَابِهِ وَمَنْ وَالاهْ- أمّا بَعْدُ – فَيَا أيُّهَاالنَّاسُ اِتّقُوااللهَ حَقّ تَقْوَاهْ وَاعْلَمُوا أَنّ يَوْمَكُمْ هَذَا يَوْمٌ عَظِيمٌ وَعِيْدٌ كَرِيْمٌ- أَحَلَّ اللهُ لَكُمْ فِيْهِ الطّعَامْ- وَحَرَّمَ عَلَيْكُمْ ِفيهِ الصِّيَامْ- فَهُوَ يَوْمُ تَسْبِيْحٍ وَتَحْمِيْدٍ وَتَهْلِيْلٍ وَتَعْظِيْمٍ وَتَمْجِيْدٍ- فَسَبِّحُوا رَبَّكُمْ فِيهِ وَعَظِّمُوا وَتُوبُوا اِلَى اللهِ وَاسْتَغْفِرُوهْ- وَاللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى يَقُوْلُ وَبِقَوْلِهِ يَهْتَدِى المُهْتَدُونْ- أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمْ- وَأمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِ وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوَى فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأوَى وَأَمَّا من طَغَى وَآثَرَ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا فَإِنّ الْجَحِيمَ هِىَ الْمَأوَى

Hadirin hadirot jama’ah ‘Id rohimakumulloh !

Khutbah ‘Idul Fitri: Tilu Ancaman anu Matak Ngahalangan Bisana Asup ka Syurga | NU Online LTN Nahdlatul Ulama Jawa BaratDurugdugna sora bedug, awor jeung seahna sora-sora munajat, ungkapan-ungkapan ngagungkeun asma Alloh anu Maha Kawasa, ku ucapan Takbir, Tahmid, Tasbih, jeung liana, anu teu kendat- kendat ti tadi peuting , ngagambarkeun rasa kabungah anu taya papadana, mudah-mudahan  sing jadi tanda syukur ka Alloh sw, sakumaha ungkapan Hukama :

مَنْ لَمْ يَشْكُرِ النِّعَمَ فَقَدْ تَعَرَّضَ لِزَوَالِهَا وَمَنْ شَكَرَهَا فَقَدْ قَيَّدَهَا بِعِقَالِهَا.

 “ Jalma nu teu daek syukur ni’ mat sarua jeung nangtang leungitna ni’mat, tapi lamun syukur ni’ mat maka  eta sarua jeung nyangcang ni’mat anu moal leupas deui.”

Tina rengse urang ngalaksanakeun ibadah puasa sabulan campleng lilana,  saterusna pidawuhna dina surat Al-Baqoroh ayat 185.

وَلِتُكْمِلُواالْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوااللهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونْ.

“ Pek sampurnakeun ku aranjeun itungan bulan Romadlon, sarta dimana geus sampurna sabulan, pek baca Takbir,  agungkeun Alloh tina sabab Mantenna tos mere hidayah ka aranjeun, sangkan aranjeun syukur . “

Oge di dawuhkeun ku Jungjunan urang Rosululloh SAW, ngeunaan ngahirup-hirup petingan Lebaran, dina haditsna :

رُوِيَ عَنْ عُبَادَةَ بْنَ الصَّامِتِ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى الله عَلَيهِ وَسَلَّمَ قَالَ: مَنْ أَحْيَا لَيْلَةَ الفِطْرِ وَلَيْلَةَ الأَضْحَى لَمْ يَمُتْ قَلْبُهُ يَومَ تَمُوتُ الْقُلُوبْ.رواه الطبرانى فى الأوسط.

“ Saha jalma anu ngahirup-hirup maleman lebaran fitrah jeung lebaran Adlha, moal maot hatena eta jalma, dina nalika maraot hate-hate jalma anu sejen.” riwayat Imam Thobroni .

Ngahirup-hirup ku jalan maca Takbir, Tasbih, Tahmid jeung lianna.

Hadirin jama’ah ‘Id anu dimulyakeun ku Alloh.

Kangjeng Nabi sasauran dina hadisna :

فَرْحَتَانِ لِلصَّائِمِ فَرْحَةٌ عِنْدَ الْإِفْطَاِر وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ.

Aya dua kabungah anu jadi jaminan pikeun ka jalma anu ngalaksanakeun ibadah puasa, kahiji rasa bungah dina waktu buka  unggal poe, jeung poean Lebaran nyaeta ayeuna. Kaduanna jaminan kabungah jaga dialam akherat, dimana jalma-jalma keur pakewuh, bingung dina nanggung jawab sagala amal di dunya, ibadah puasa ngajenggelek jadi kabungah, tiasa pependak sareng Gusti Alloh anu Maha Agung anu Maha Luhung anu ngatur, ngayuga urang sadaya.

Ibadah puasa,  nahan lapar jeung hanaang ti isuk tepika sore, oge nahan  rupa-rupa pagawean anu goreng, pagawean dosa jeung ma’siat, dibarengan ku ibadah-ibadah sejena, saperti sholat Taraweh, Tadarus Al-quran, jeung nu liana , ieu sadayana mangrupa latihan pikeun ningkatkeun kaimanan urang ka Alloh sangkan tambah kuat, tambah pageuh sarta tambah yakin teu ngan sakadar ngulit bawang, imanna gampang ilang.

Ku ayana Iman anu kuat, bisa lahir rasa deukeut jeung Alloh,  husyu dina ibadah ngabdikeun hirup jeung kahirupan ka Mantenna, sangkan pinanggih jeung bagja waluya Dunya katut Akheratna.

Tina iman anu kuat, lahir rasa – khouf – sieun jeung hariwang, sieun lalampahan cilaka balas nyalahan, hariwang sieun  kalakuan teu akur jeung aturan anu tos ditangtukeun ku Mantena, lalampahan samemena, sa- ngeunahna, tunggul di parud catang dirumpak ceuk paribasana, lalawora dina ngalaksanakeun parentahna, kaleked hese kana migawe hade jeung amal sholeh, hirup hare-hare asa moal paeh, taya beban jeung tanggung jawab,teu aya rasa sieun, teu aya rasa hariwang ku Alloh anu maha kawasa, Mantena kawasa ngadatangkeun bagja, ngan kusakedet netra, nyakitu deui Mantena  kawasa ngadatangkeun  bahaya, sangsara katut siksa, ngan dina sakolepat cahaya, anu ku urang teu bisa di duga, teu bisa di sawang ti anggalna, malah sanajan dijaga sakumaha rongkahna.

Nyakitu deui tina iman anu kuat baris  lahir  rasa – Roja – harepan endah anu ngadorong kana alus sarta hadena pagawean,  harepan sangkan hirup salamina aya dina ridlo jeung pangampura Mantena.

Ibadah puasa anu ku urang tos dilaksanakeun, kudu bisa ngalahirkeun sikep anu saperti kitu dina diri urang masing-masing, teu ngan sakadar lapar jeung hanaangna wungkul, cape gawe teu kapake, sapertos hadits Rosul :

كَمْ مِنْ صِائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّاَ الْجُوعُ وَالْعَطْشُ.

“ Teu saeutik jalma anu puasa, tapi teu kabagean tina ladang puasana ngan lapar jeung hanaang wungkul.”

Hadirin jama’ah ‘id rohimakumulloh !

Nyakitu deui puasa mangrupa didikan pikeun ngalahirkeun  akhlak anu mulya, prilaku anu pinuji , akhlakul karimah di tengah-tengah kahirupan urang sarerea.

Puasa nungtut pikeun ngawujudna  prilaku anu luhung, anu mere manfa’at keur dirina, jadi conto tuladan kanu lian, anu ahirna karasa nyata ayana ka-amanan, kanyamanan, ka tengtreman, beres roes repeh rapih, boh kahirupan pribadina, atawa rumah tanggana. Pon kitu deui hade dina bermasyarakat, dina lingkungan pergaulan dimana manehna aya. Tabah dina nyanghareupan masalah, sabar mun nandangan musibah, tara ngarasula, humandeuar, komo mun putus asa, ngan ka Alloh tawakkal salilana dina upaya jeung usahana, manehna sadar   yen dirina mungkin lamokot ku dosa.

Saur ulama Sufi :

لاَتَسْتَغْرِبْ وُقُوعَ الأَكْدَارِ مَادُمْتَ فِى هَذِهِ الدَّارِ فَإِنَّهَا مَاأَبْرَزَتْ إِلَّا مَاهُوَ مُسْتَحِقٌّ وَصْفُهَا وَوَاجِبٌ نَعْتُهَا.

“ Ulah ngarasa aneh datang jeung lobana kariweuh di Dunya ieu, salagi urang aya didinya, sabab kitu saenyana  ari kahirupan jeung sipat Dunya.”

Nyakitu deui tina hasil ibadah puasa kudu lahir sipat sili hormat jeung sasama, sili hargaan jeung papada urang, sopan santun dina tutur, someah dina ucapan, sili asuh sili asih, sili bantu jeung nu butuh, saperti pangandikana Rosululloh.

لَيْسَ مِنّا مَنْ لَمْ يَرْحَمْ صَغِيرَنَا وَلَمْ يُوَقِّرْ كَبِيرَنَا.

“ Teu ka-asup ummat kami, jalma anu teu nya’ah kanu sahandapeunana, teu ngahormat kanu saluhureunana.”

Tara ngahina kanu sahandapeun boh ku basa, carita atawa polah.

Kitu deui taya sipat  ngunghak campelak kanu saluhureun. Teu ngan soranganana hayang dibantu, tapi embung ngabantu, soranganana hayang dihargaan, embung ngahargaan batur. Tina ibadah puasa, diharepkeun ngawujud hiji pribadi anu bener-bener taqwa ka Alloh sw, hiji darajat anu pang-mulyana mungguh Mantena, darajat anu bisa jadi jaminan geusan nganteurkeun urang, kana hirup sarta kahirupan anu bagja, bahagia, aman sejahtera, dunyana katut aheratna. sakumaha harepan urang sadayana.

يَاأَيُّهَاالَذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَكُمْ تَتَقُوْنَ.

“ He jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa saperti geus diwajibkeun puasa ka ummat-ummat samemeh aranjeun sangkan aranjeun bener-bener taqwa.”

Ibu-Ibu, Bapa-Bapa, Para Remaja, Hadirin hadirot jama’ah ‘Id hamba-hamba Alloh anu dimulyakeun ku Mantena !

Dinten Lebaran, sanes ngan sakadar dinten pikeun jadi ajang ngabudalkeun kabungah jeung kasugema, hura-hura anu teu aya hartina, tapi oge kudu jadi ajang renungan, pikeun naliti diri ,tina pagawean to’at jeung ma’siat, geusan ngawangun lambaran kahirupan anu baris kasorang, poe isukan jeung saterusna dina mangsa   anu panjang, sangkan tinemu jeung kabagjaan, aya dina ridlo jeung ampunan Alloh anu maha Kawasa. Saur Sufi :

مَالَمْ يَقْبَلْ عَلَى اللهِ بِمُلَاطَفَاتِ الإِحْسَاِن قُيِّدَ إِلَيْهِ بِسَلَاسِلِ الْإِمْتِحَانِ.

“ Saha jalma anu teu madep ka Alloh ku to’at ka Mantena, pedah asa teu karasa kahadeanana, maka baris ditalian ku Alloh ku pirang-pirang rante cocoba jeung ujian.”

Hukama nguningakeun  hikmah  anu disebut poe ‘Id / Lebaran,

لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَ الْجَدِيْدَ وَإِنّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ طاُعَتُهُ تَزِيْدُ , وَلَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ تَجَمَّلَ بِالِلبَاسِ وَالْمَرْكُوبِ وَإِنَّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ غُفِرَتْ لَهُ الذُنُوبُ.

“ Lebaran sanes bae pikeun jalma anu make pakean weuteuh, tapi oge sangkan To’atna tambah getol jeung sumanget. Lebaran sanes bae pikeun pamer pakean jeung pepelesiran, komo jadi ajang pamer orat jeung kamaksiatan, tapi Lebaran pikeun neangan ampunan jeung mupus dosa kasalahan.”

Kurang alus mun teu disebut goreng oge, ari pakean luarna mah ginding, tapi ibadahna awut-awutan, peta kitu taya hargana dipandangan Alloh anu parantos maparin ni’ mat ka urang sadaya.

Rengse ngalaksanakeun ibadah mahdloh, ibadah anu langsung antara urang sareng Alloh swt,nyaeta ibadah puasa di pungkas ku ibadah sosial, mangrupa zakat fitrah, sodaqoh jeung kahadean anu sejenna, dina hubungan urang jeung papada urang. Mangga urang lengkepan deui ku silatur rahmi, sili anjangan, sili tepangan, ka Ibu rama, tatangga, baraya anu deukeut anu anggang, urang sili hampura, sili lubarkeun tina rupa-rupa dosa jeung kasalahan.

Aya kamungkinan dosa anu dihaja, mungkin anu teu dihaja, urang sasalaman patatarema panangan, urang raketkeun rasa kaduluran, boh dulur nasab turunan, atawa dulur ihwan sa-Iman, sapanjang aya di dunya, memeh datang panggilan ngahadep Mantena.

Aya tilu ancaman anu di uningakeun ku Rosululloh saw, anu gede patalina dina hubungan urang jeung urang, anu matak ngahalangan bisana asup ka Syurga pangeran. kahiji anu megatkeun kaduluran, kadua anu doraka ka indung bapa, katilu anu ngantep kulawargana dina pagawean  dosa.”

Hasil tina ibadah puasa, urang sadaya hususna, kaum muslimin umumnya, tiasa mawas diri tina pangaruh budaya deungeun anu asup ka lingkungan urang boh nu ngaliwatan koran buku-buku,majalah, tayangan-tayangan tivi, anu matak ngaruksak kana akidah, lahirna pamusyrikan-pamusyrikan, pamurtadan, ngaruksak akhlak, marakna kabejadan moral, perjudian, pemabokan, perkosaan, pembunuhan jeng sajabana, anu ngaruksak harepan jeung masa depan bangsa.sabab nu diturutanana lain nu alusna ceuk agama, tapi sabalikna anu teu akur jeung tatakrama.

Hadirin hadirot jama’ah ‘Id rohimakumulloh !

Pamungkas do’a, mugia puasa urang sareng ibadah sanesna di tampi ku Aloh swt, kalepatan kahilafanana mugia Alloh berkenan masihan ampunan ka urang sadayana.

Mugia taufik hidayah di pasihkeun ka urang sadaya,pikeun mapag poe isuk jeung saterusna.

Mudah-mudahan ieu hutbah aya guna sareng manfa’atna, pikeun anu ngadugikeunana, oge mudah-mudahan aya emutaneun pikeun anu ngadangukeunana.  Amin

.بارك الله لى ولكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم تقبل الله منا ومنكم صيامنا وصيامكم تقبل ياكريم وكل عام وأنتم بخير تقبل يا كريم. وإنه هو السميع العليم فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم

Khutbah kadua

ألله أكبر 7× ألله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا. ألحمد لله الذى جعل الأعياد بالأفراح والسرور, وضاعف للمتقين جزيل الأجور , وكمل الضيافة فى يوم العيد لعموم المؤمنين بسعيهم المشكور , وأشهد أن لاإله إلا الله وحده لاشريك له له العفو الغفور , وأشهد أن شيدنا محمدا عبده ورسوله الذى نال من  ربه مالم ينله مقرب ولا رسول مطهر مبرور , أللهم صل وسلم على سيدنا محمد النبي الأمي وعلى آله وأصحابه الذين كانوا يرجون تجارة لن تبور  أما بعد . فيا أيهالإخوان إتقواالله واعلموا أن يومكم هذا يوم عظيم , يتجلى الله فيه على عباده من كل مقيم ومسافر وقال الله تعالى ولم يزل قائلا عليما , إن الله وملائكته يصلون على النبي يا أيهاالذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما . أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمؤمنين والمؤمنات والمسلمين والمسلمات الأحياء منهم والأموات . أللهم ادفع عنا الغلاء والبلاء والفحشاء والمنكر والقحط والوباء والسيوف المختلفة والشدائد والمحن والفتن ما ظهر من بلدنا هذا خاصة ومن بلدان المسلمين عامة إنك على كل شيئ قدير . والحمد لله رب العالمين.والسلام عليكم ورحمة الله وبكاته

Leave A Reply

Your email address will not be published.