The news is by your side.

Khutbah Jum’ah : KADE ULAH KABENGBAT

Oleh: KH Deden H Muzhoffar Rois Syuriah MWC NU Kec Banjaran/ Pangasuh Pondok Pesantren Darul Hikam Banjaran Kab. Bandung

خُطبَةُ الأُولى

أَلحَمدُ ِللهِ الَّذِي أَرسَلَ رَسُولَه بِالأيَاتِ البَاهِرَةِ ، وَفَضَّلَه عَلَى المَقَامَاتِ الفَاخِرَةِ ، فَجَلاَ بِه صَدَا القُلُوبِ الكَافِرَة ، وَأَشهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحدَه لاَشَرِيكَ لَه وَ أَشهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبدُهُ وَرَسُولُه أَلَّفَ شَتَاتَ الأَهوَاءِ المُتَنَافِرَةِ ، أَللّهُمَّ صَلِّ وَ سَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ألِه وَ صَحبِهِ الأَنجُمِ الزَّاهِرَة ،

أَمَّا بَعدُ فَيَا عِبَادَ الله أَوصِيكُم و إِيَّايَ بِتَقوَى اللهِ فَقَد فَازَ المُتّقُونَ.

Khutbah Jum'ah : KADE ULAH KABENGBAT | NU Online LTN Nahdlatul Ulama Jawa BaratSugrining puji rawuh syukur anu teu kaukur disanggakeun ka Hadirat Alloh SWT anu parantos masihan sagala rupi kani’matan anu hamo kaetang, dipirig ku sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina tumetep ngocor ngagolontor  ka Jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW katut kulawargina, para sahabatna, sareng sadaya jalmi anu turut tumut ka Anjeuna.

Hadirin Jama’ah  Jum’at  anu  mulya !

Alhamdulillah urang sadaya masih dipasihan hirup tur huripna, masih dipasihan yuswa kalayan disarengan ku sehat wal’afiyahna, pastikeun sesa umur urang anu mung sakali-kalina ieu saluyu  sareng parentah Alloh bade diangge ibadah ( Adzdzariyat (51):56), moal kabengbat ku kasenangan fatamorgana dunya.

Alloh SWT ngadawuh :

وَمَا الحَيوةُ  الدُّنيَا  إِلاَّ لَعِبٌ  وَ لَهوٌ وَ لَلدَّارُ الأخِرَةُ  خَيرٌ   لِلَّذِينَ   يَتَّقُو نَ  أَفَلاَ  تَعقِلُونَ  (ألأنعام 32)

Taya lian kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan jeung anu ngabengbat matak poho ka Alloh; Saenyana akherat mah leuwih hade pikeun jalma-jalma anu taqwa. Naha maraneh teh teu boga akal ?  (Tarjamahan Al An’am (6) : 32)

 

Ayat kasebat diluhur aya hubunganana sareng ayat sateuacana, nyaeta pamadegan jalma-jalma anu rugi alatan maranehanan ngabohongkeun kana Poe Qiyamah; Kahirupan maranehna di dunya ngan sakadar la’ibun  jeung lahwun , naon anu dimaksad ku La’ibun  wa  Lahwun ?

Ulama Ahli Tafsir ngeceskeun yen :

1. La’ibun nyaeta senang-senang,meakeun umur  ku ulin, tanpa tujuan anu jelas siga ulina Budak nu biasana mah sok kamalinaan, padahal Alloh SWT nyiptakeun langit sareng bumi lain ‘ulin’ ( Tingal  Al Anbiya (21) : 16 ). Lamun seug urang hirup di ieu dunya dianggap ‘ulin’ anu serius, sahingga ceuk Ahmad Albar ‘Dunia ini panggung sandiwara’, masing-masing jadi aktor, maka nalika sandiriwarana geus rengse pasti urang  sadayana bakal dipenta LPJ ( Laporan Pertanggungjawaban)na di akherat (tingal Attakatsur (102):8)

2. Lahwun  nyaeta  sibuk ku kagiatan  anu  teu penting  atawa kurang penting  tapi dipigawe nepi ka meakeun waktu pikeun migawe pagawean anu kacida pentingna, umpamana jalma sibuk  kabengbat  ku  urusan  dunya  umpamana nuju nonton bola di stadion atanapi nonton konser music, lat poho kana sholat / ibadah, padahal tugas poko hirup urang di ieu dunya teh eta ibadah. Kalimat ‘Lahwun’ sareng sagala bentuk kalimatna ku Alloh disebat-sebat dina  Quran dugi ka 16 kali;  Diantawisna  Alloh SWT ngadawuh : Kudu nyaho aranjeun yen saestuna kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan jeung kasenangan anu ngabengbat,papaes, pareueus-reueus diantara maraneh,jeung paloba loba harta katut anak … Jeung ari kahirupan dunya eta ngan wungkul kasenangan anu palsu (Tarjamahan Al Hadid (57) : 20 )

Hadirin Jama’ah  Jum’at  anu  mulya !

Naon bae faktor-faktor  anu nyibukeun manusa  sahingga  kabengbat  teu eling ka Alloh ? Diantawisna:

1. Harta  jeung  anak, nyaeta paloba-loba, pareueus-reueus dina harta banda  jeung anak kaasup paloba- loba anak buah / golongan pengikut, Alloh SWT ngadawuh : Wahai jalma-jalma anu ariman ! Ulah ngabengbat ka aranjeun harta banda jeung anak-anak aranjeun tina eling ka Alloh, jeung saha jalma anu lampahna kitu nya maranehna teh jalma-jalma anu rarugi ( Tarjamah Al Munafiqun (63) : 9 )

2.  Angen- angen kosong  

Alloh SWT ngadawuh :

Keun antep maranehna sina dalahar , senang-senang, jeung sina kabengbat / kajongjonan ku angen-angenna, jeung        maraneh engke bakal nyaraho ( kana akibatna ). (Tarjamahan Al Hijr ayat 3 )

Malah ngahudangkeun angen-angen anu kosong  eta teh diantara  jurus syetan pikeun ngagoda manusa  ( tingal Annisa (4) : 120 )

Mibanda  cita-cita  nu  luhur, tuluy  direncanakeun  nu  ngadorong  kana usaha tihothat keur ngahontalna eta diwenangkeun, namung anu diwawadian ku Alloh mah nyaeta nyibukeun diri ngakhayal kana perkara anu jauh tina kahontalna bari nangkeup harigu tanpa aya upaya, umpamina  aya jalma anu nyibukeun diri kana meunang lotre milyaran rupiah, bari nepi ka cul kana  pagawean nu sejen anu penting atawa leuwih penting.

3.    Lahwal Hadits , nyaeta ngobrol atawa biantara anu teu aya manfa’atna nepi ka meakeun waktu tapi nyenangkeun diri saperti        ngagosip, ngupat simuat, nyanyi-nyanyi anu dilarang ku agama.  Rosululloh SAW ngandika :

‘Diantara kahadean islamna hiji jalma nyaeta ninggalkeun perkara anu teu penting’ 

Hadirin Jama’ah  Jum’at  anu  mulya !

Beungkeutanana :

1. Tugas  utama manusa ibadah ka Alloh dina harti anu jembar nyaeta midamel padamelan anu dipikaridlo ku Alloh, boh ibadah murni ( mahdloh ) atawa ibadah teu murni ( ghair mahdloh ), harta banda disiar jadi alat pikeun ibadah , sanes jadi alat anu ngabengbat  tina  ibadah.

2.  Jalma-jalmi anu taqwa ka Alloh pasti  bakal milih amal-amal  ‘piakherateun’, sanes ningalkeun kadunyaan ( boh harta atanapi kalungguhan ) sabab  dunya  eta tempat pepelakan amal  anu bakal kapetik engke di Akherat,  Alloh SWT ngadawuh :

وَابتَغِ  فِيمَا آتاَكَ  اللهُ  الدَّارَ  ا لأخِرَةَ   وَ  لاَ تَنسَ  نـَصِيبَكَ  مِنَ  الدُّنيَا …

Jeung geura teangan ku anjeun saniskara anu geus dipaparinkeun ku Alloh ka anjeun keur (kabagjaan) di negri akherat , jeung poma anjeun ulah poho kana bagian anjeun tina dunya … (Tarjamah Al Qashash (28) : 77 )   

3.     Aya sababaraha faktor anu urang kedah waspada  sabab bisa  ngabengbat  urang  tina eling ka Alloh diantawisna : Sibuk paloba-loba , pareueus-reueus harta jeung anak ( ka asup  pengikut), mikiran angen – angen anu kosong, sareng  ‘Lahwal hadits’  nyaeta sibuk ngobrol, ngagosip atawa  kagiatan lain anu teu aya manfa’atna. Justru diantawis anu dipuji ku Alloh nyaeta jalma-jalma  anu  sibuk dagang jeung jual beuli tapi henteu ngabengbat  kana eling / dzikir ka Alloh SWT sahingga  maranehna  teu  hilap  kana ibadah di  masjid-masjid  ( tingal  Annur  (24) : 36 – 37 )

 

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُم فِى القُرأنِ الكَرِيمِ ، وَنَفَعَنِيْ بِمَافِيهِ مِنَ الأياَتِ وَالذّكْرِ الحَكِيمِ ، أَقُولُ قَولِي هذَا

وَ أَسْتَغفِرُ اللهَ لِي وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ المُسلِمِينَ مِن كُلِّ ذَنبٍ فَاستَغفِرُوهُ إِنَّه هُوَ الغَفُورُ الرَّحِيمُ

خُطبَةُ الثّانِيَة

 

أَلحَمدُ ِللهِ الَّذِيْ سَهَّلَ لِلعِبَادِ طَرِيْقَ العِبَادَةِ وَيَسَّرَ، وَوَفَّاهُمْ أُجُوْرَأَعمَالِهِم مِن خَزَائِنِ جُودِهِ الَّتِي لاَ تُحصَرُ،  أَشهَدُ أَنْ لآإِلهَ إِلاَّ اللهُ المَلِكُ الأَكبَرُ، وَأَشهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبدُهُ وَرَسُولُهُ الشَّافِعُ فِى المَخشَرِ، نَبِيٌّ غَفَرَ اللهُ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنبِه وَمَا تَأَخَّرَ، أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نُورِالأَنوَارِوَسِرِّالأَسرَارِ وَتِريَاقِ الأَغيَارِ وَمِفتَاحِ بَابِ اليَسَارِسَيِّدِنَا مُحَمَّدِنِ المُختَارِ  وَألِهِ الأَخيَارِ وَأصحَابِهِ الأطهَارِ عَدَدَ نِعَمِ اللهِ وَإِفضَالِهِ .أَمَّابَعدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ أُوصِيكُم وَإِيَّايَ بِتَقوَى اللهِ حَقَّ تُقَاتِه وَافعَلُوا الخَيرَ وَاترُكُوا الشَّرَّ

قَالَ اللّهُ تَعَالَى : إِنَّ اللهَ وَ مَلاَئِكَتَه يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآيُّهَا الَّذِينَ أمَنُوا صَلُّوا عَلَيهِ وَسَلِّمُوا تَسلِيمًا ، أَللّهُمَّ  صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا وَ حَبِيبِنَا وَ شَفِيعِنَا وَ مَولاَنَا مُحَمَّدٍ وَ سَلِّم وَ رَضِيَ اللهُ تَبَارَكَ عَن كُلِّ الصَّحَابَةِ أَجمَعِينَ

أَللّهُمَّ لَكَ الحَمدُكُلُّهُ وَلَكَ الشُّكرُكُلُّهُ وَإِليكَ يُرجَعُ الأَمرُكُلُّهُ عَلاَنِيَّتُهُ وَسِرُّهُ

أَللّهُمَّ يَاعَالِمَ الخَفِيَّاتِ وَيَا قَاضِيَ الحَاجَاتِ! إِغفِرْ لِلمُسلِمِينَ وَالمُسلِماتِ وَالمُؤمِنِينَ وَالمُؤمِنَاتِ أَلأَحيَاءِ مِنهُم وَالأَموَاتِ إِنَّكَ قَرِيبٌ مُجِيبُ الدَّعَوَاتِ وَقَاضِيَ الحَاجًاتِ

عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأمُرُ بِالعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي القُربى وَيَنهى عَنِ الفَخشَاءِ وَالمُنكَرِوَالبَغيِ يَعِظُكُم لَعَلَّكُم تَذَكَّرُونَ ، وَلَذِكرُ اللهِ أَكْبَرُ أَستَغْفِرُاللهَ لِي وَلَكُم ،

وَأخِرُدَعوَانَا أَنِ  ألحَمدُ ِللهِ رَبِّ العَالمَِينَ

 

Leave A Reply

Your email address will not be published.