Guru Urang Sarerea

Guru urang sarerea
Guru urang sarerea
Kiai Ma’ruf Amin namina
ti wetan teureuh Sumedang
ti kulon teureuh ulama
Sanadna ka Tebuireng
Syaikh Hasyim Asy’ari tea
Ahli hadits nu kamashur
Guru ulama di Jawa
Guru urang sarerea
Kiai Ma’ruf Amin asmana
Masagi luhung elmuna
nu kawentar komarana
Santri tulen nu lalana
Tolab elmu di mamana
ahli elmu fikih tea
nu diaku balarea
Cunduk kana waktuna
kiwari ninggang mangsana
anjeunna ngagupay urang
para santri jeung muridna
urang buktikeun isukan
ngabela ajen ulama
urang waler sasarengan
ku sami’na wa atho’na
Teks: Iip Yahya
Gambar: Maksugi
Sumber : NU Jabar Online